Minggu, 18 Desember 2011

SILSILAH KELUARGA DINA BAHASA SUNDA


Dina silsilah kulawarga, khususna dina kabudayan Sunda, aya anu disebut pancakaki. Nyaeta istilah atawa sesebutan pikeun jalma-jalma anu masih keneh aya pakuat-pakait atawa tatali kulawarga. Tatali ieu teh bisa aya kusabab turunan atawa bisa oge kusabab bebesanan. Dina sesebutan ka jalma anu masih keneh aya tatali kulawarga ieu, aya sesebutan khusus anu osok digunakeun. Pikeun bisa ngarti kana sesebutan pancakaki anu oso dipake, bisa nempo kana gambar di handap ieu.
Dina gambar ieu, kotak warna kulawu nuduhkeun lalaki, sedengkeun anu warna bodas nuduhkeun awewe. Sedengkeun nomer di luhureun kotak nuduhkeun kana anak ka sabaraha.
  1. Salaki, sesebutan pikeun lalaki anu jadi pamingping di hiji kulawarga.
  2. Pamajikan, sesebutan pikeun awewe anu jadi papasanganana salaki. Dina conto di luhur, anu jadi salaki teh Momon, sedengkeun pamajikanana teh Acih.
  3. Anak, katurunan ti salaki jeung pamajikan. Contona wae Asep, Euis jeung Aning anu jadi anak ti Momon jeung Acih.
  4. Incu, katurunan rundayan kadua ti hiji kulawarga, atawa anak ti anak hiji kulawarga. Conton wae Duyeh, jadi incu ti kulawarga Momon jeung Acih, atawa Unah ti kulawarga Ujung jeung Nining.
  5. Buyut, mangrupakeun rundayan katilu ti hiji kulawarga atawa anakna incu. Contona wae Oman jadi buyut ti kulawarga Momon jeung Acih.
  6. Bao, mangrupakeun rundayan kaopat ti hiji kulawarga atawa anakna buyut. Contona wae Dudun jeung Oyo, mangrupakeun bao ti kulawarga Momon jeung Acih.
  7. Bapa, sesebutan pikeun lalaki anu jadi kolot atawa anu nyababkeun (ngayuga) lahirna hiji jalma. Contona wae Momon, mangrupakeun bapa pikeun Asep, Euis jeung Aning. Bapa mangrupakeun babalikanana anak.
  8. Ema, Indung, sesebutan pikeun awewe anu geus ngalahirkeun eta jalma. Contona wae Acih, jadi indung pikeu Asep, Euis jeung Aning.
  9. Nini, sesebutan pikeun awewe anu jadi indungna bapa atawa indung. Contona wae Acih anu jadi nini pikeun Duyeh, Anab jeung Unah.
  10. Aki, sesebutan pikeun lalaki anu jadi bapa ti bapa atawa indung. Contona wae Momon, jadi aki pikeun Duyeh, Anab jeung Unah.
  11. Uyut, sesebutan pikeun bapa atawa indung ti nini atawa aki. Contona wae Momon jeung Acih jadi Uyut pikeun Oman, Elah jeung Yuyun. Atawa Uju jeung Nining pikeun Yuyun.
  12. Bao, sesebutan pikeun bapa atawa indung ti uyut. Contona wae Momon jeung Acih jadi Bao pikeun Dudun jeung Oyo.
  13. Jangawareng, bapa atawa indung bao.
  14. Udeg-udeg, bapa atawa indung jangawareng.
  15. Kakait Siwur, indung atawa bapa pikeun udeg-udeg.
  16. Karuhun, sesebutan pikeun kolot anu geus ninggalkeun.
  17. Aki ti Gigir, sesebutan pikeun lalaki anu jadi lanceuk atawa adi aki atawa nini. Contona wae Umang jeung Aning pikeun Oman.
  18. Nini ti Gigir, sesebutan pikeun awewe anu jadi lanceuk atawa adi aki atawa nini. Contona wae Eenjeung Euis pikeun Oman.
  19. Amang, Sesebutan pikeun lalaki anu jadi adi bapa atawa indung, atawa salakina ibi. Contona wae, Aning jadi amang pikeun Anab jeung Duyeh, atawa Umang pikeun Duyeh.
  20. Ibi, sesebutan pikeun awewe nu jadi adi bapa atawa indung, atawa pamajikanana amang. Contona wae Een pikeun Anab jeung Duyeh.
  21. Uwa, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu jadi lanceuk bapa atawa indung. Contona wae Asep jadi Uwa pikeun Anab jeung Unah.
  22. Alo, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu jadi anak lanceuk. Contona wae Duyeh pikeun Euis.
  23. Suan, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu jadi anak adi. Contona wae Anab pikeun Asep.
  24. Lanceuk, dulur saindung atawa sabapa, atawa saindung sabapa anu umurna leuwih kolot atawa saluhureun.
  25. Adi, dulur saindung atawa sabapa, atawa saindung sabapa anu umurna leuwih ngora atawa sahandapeun.
  26. Kapi Lanceuk, sesebutan pikeun anak uwa. Contona, Duyeh pikeun Anab.
  27. Kapi Adi, sesebutan pikeun anak amang. Contona, Anab pikeun Duyeh.
  28. Adi Beuteung, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu jadi adi salaki atawa pamajikan.
  29. Dahuan, sesebutan pikeun awewe anu jadi pamajikan sasalaki (pikeun jalma anu nyandung).
  30. Anak Tere, sesebutan pikeun anak ti salaki atawa pamajikan anu pipirakan tapi lain anak teges.
  31. Dulur Pateterean, sesebutan pikeun dulur sabapa atawa saindung anu misah bapa atawa indung.
  32. Indung Teges, sesebutan pikeun bapa anu ngayuga.
  33. Bapa Teges, sesebuta pikeun indung anu ngalahirkeun.
  34. Indung Tere, sesebutan pikeun awewe anu dikawin ku bapa tapi lain indung teges.
  35. Bapa Tere, sesebutan pikeun lalaki anu kawin jeung indung teges tapi lain bapa teges.
  36. Mitoha, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu jadi indung salaki atawa pamajikan.
  37. Minantu, sesebutan pikeun lalaki atawa awewe anu dikawin ku anak.
  38. Adi Sabrayna, sesebutan pikeun kapi adi anu masih keneh sarundayan ti nini atawa aki.
  39. Lanceuk Sabrayna, sesebutan pikeun kapi lanceuk anu masih keneh sarundayan ti nini atawa aki.
  40. Baraya, sesebutan pikeun jalma anu masih keneh aya tatali kulawarga tapi geus kacida jauhna.
  41. Tunggal, sesebutan pikeun anak anu ngan hiji-hijina.
  42. Cikal, sesebutan pikeun anak anu kahiji, atawa pangkolotna.
  43. Panengah, sesebutan pikeun anak anu urutanana di tengah.
  44. Pangais Bungsu, sesebutan pikeun anak anu jadi kadua ti handap.
  45. Bungsu, sesebutan pikeun anak anu panungtungan.
Dulur pet ku hinis, dulur asli.

KAWIH SUNDA


Saperti nu geus kacarita tiheula bedana tembang jeung kawih téh, ari tembang mah nu di tembangkeunana téh guguritan, jadi kauger ku aturan-aturan pupuh. Jeung deui ari tembang mah dipirig ku kacapi jeung suling, tara dipirig ku parabot anu séjén. Nu nembangna nya tukang tembang.
Ari kawih, nu dikawihkeunana sair atawa sajak. Pamirigna biasana rebab, kendang, gamelan, goong jeung sajabana, saperti dina kiliningan. Sawaréhna aya ogé anu dipirig ku kacapi jeung suling.
Lagu-lagu klasik saperti Buah Kawung, Sorban Palid, Daun Pulus, Banondari jeung séjén-séjénna, éta kaasup kawih. Tukang ngawihna disebut Juru Kawih atawa Sindén.
Nembang sok disebut lemesna : Mamaos. Padahal mamaos mah lemesna tina nembang maca.
Ieu di handap sababaraha conto kawih :


Wangsit Pahlawan
(Dicutat tina Ganda Mekar)
Tangkal puring ciri kuring
Samoja nu mawa beja
Hanjuang perlambang nohonan berjuang
Nu tinggal tutunggul, tanggal reujeung ngaran
Jadi misil wakil wangsit
Pangnepikeun ka manéhna
Anu masih araraya
Para Pahlawan nu pandeuri


Indonesia Gemah Ripah
(Dicutat tina Ganda Mekar)
Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam éndah héjo lembok sugih mukti
Subur tutuwuhan, beunghar pepelakan
Alam héjo ngemploh karaharjan lemah cai
Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung
Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung
Piraku rek téga, piraku rék réla
Alam nu héjo ngemploh pinarengan ngarangrangan teu kariksa


Karatagan Pahlawan
Teu honcéwang sumoréang
Tékadna Pahlawan Bangsa
Cadu mundur pantang mulang
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa ménta pamulang tarima
Iklas rido keur korban merdéka
  1. Sinatria Danalaga
Béla bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar merdéka mukti wibawa
Dasar tujuan Pahlawan Bangsa
Karatagan Pahlawan alus dikawihkeun rampak sekar (koor) maké 2 sora.


Sabilulungan
Sabilulungan dasar gotong royong
Sabilulungan sipat silih rojong
Sabilulungan genténg ulah potong
Sabilulungan persatuan témbong (katémbong)
Tohaga, rohaka, teguh tanggoh perbawa sabilulungan
Sadia, sajiwa segut singkil ngabasmi pasalingsingan
Sabilulungan silih pikahéman
Sabilulungan hirup sauyunan
Sabilulungan gawé babarengan
Sabilulungan jadi kauntungan (kauntungan)
Tohaga, rohaka, teguh tanggoh perbawa sabilulungan
Sadia, sajiwa segut singkil ngabasmi pasalingsingan


Dewi Sartika
Kantun jujuluk nu arum
Kari wawangi nu seungit
Nyebar mencar sa Pasundan
Nyambuang sa Nusantara
Sari puspa wangi arum
Seungit manis ngadalingding
Sari sekar nyurup nitis
Kana sukma istri Sunda
Teu kagambar ku rumpaka
Henteu kasanggi ku dangding
Menggahing jasa-jasana
Rahadén Sartika Dewi
Huripna yitma rohani
Istri Sunda sadayana
Nya jasana Radén Déwi
Ibu para istri Sunda
Mugi-mugi ka Yang Agung
Jasa-jasa Radén Déwi
Teras nyebar teras mencar
Nyaangan nagara jaman
Jadi obor para ibu
Enggoning ngatik pra putra
Sangkan jadi warga guna
Nu ngajungjung lemah cai


Ririungan
Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan
Macangkrama urang ngawadul
Urang silih tempas silih élédan
Moal lila jeung babaturan
Nitih wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun katineung urang
Kadar ti maha kawasa bakal kasorang
Takdir ti Gusti Yang Widi bakal kalakon
Urang rék papisah urang rék pajauh
Meungpeung deukeut hayu urang sosonoan


Lagu      : Mupu Kembang
Kawih    : Dewi Asri
(Dicutat tina Wawacan Mundinglaya Dikusumah)
Hujang paéh jadi waru
Ngarah diala kulitna
Diuntay dijieun tambang
Dipaké nalian munding
Munding sotéh Mundinglaya
Mundinglaya Dikusumah
Gusti Anom Pajajaran
(Ceuk Dewi Asri ka Mundinglaya Dikusumah)
Ulah angkat dinten Saptu
Saptu mah numbuk di windu
Ahad mah larangan bulan
Senén sok rajen kadeseh
Salasa matak kabandang
Rebo mal maak kaboyong
Kemis ninggang kalapati
Juma’ah awon dintenna
Ari ieu di handap aya 4 anu sok dihaleuangkeun ku tukang tembang, tapi teu kasebut pupuh. Duka asup kana pupuh duka kana kawih, ngan anu jelas tara dihariringkeun ku juru kawih, tapi sok dipintonkeun dina kacapi suling ku tukang tembang.
Anu 4 téh nyaéta:
  1. Lagu Bangkong
  2. Lagu Mupu Kembang
  3. Lagu Papatét
  4. Pangapungan
Lagu Bangkong
Bangkong dikongkorong kujang
Ka cai kundang cameti (da kolé)
Ulah ngomong méméh leumpang (da hirup)
Hirup katungkul ku pati
Paéh teu nyaho di mangsa
Hirup dibungkusan pati
Paéh mun nepi ka mangsa


Lagu Mupu Kembang
Burudul ménak ti kidul
Aleutan para tumenggung
Candakna angklung jeung degung
Tutup kendang kulit lutung
Dirarawat hoé wulung
Dicandak ka alun-alun
Ditepak kunu jarangkung (ku nu jarangkung)
Burudul ménak kalér
Aleutan para gegedén
Candakna parabot ronggéng
Tutup kendah kulit banténg
Dirarawat hoé roréng
Dicandak ka kadipatén
Ditepak ku nu garonjléng (ku nu garonjléng)
Burubul ménak ti kulon
Aleutan para kaliwon
Candakna kendang jeung goong
Tutup kendang kulit bagong
Dirarawat hoé bolong
Dicandak kana babancong
Ditepak ku nu aranom (ku nu aranom)
Burubul ménak ti wétan
Aleutan para kumendang
Candakna parabot wayang
Tutup kendang kulit kidang
Dirarawat hoé welang
Dicandakna ka paseban
Ditepak ku para mojang ( ku para mojang)


Lagu Papatét
Pangkat : Daweung diajar ludeung
Gunung gedé siga nu nandé
Nandean ka diri abdi
Gunung pangrango ngajogo
Ngadagoan abdi wangsul
Wangsul ti pangumbaraan
Kebo mulih pakandangan
Nya muncang labuh ka puhu
Anteukeun ka nagarana

Gunung Galunggung kapungkur
Gunung Sumedang katunjang
Talaga sakawayahna
Rangkecik di tengah leuweung
Ulah pundung ku disungkun
Ulah sungkan teu ditéang
Tarima raga wayahna
Ngancik di nagara deungeun


Gunung Tangkuban Parahu
Nangkub nepi ka kiwari
Sasakala nu baheula
Sangkuriang kabeurangan
Molompong jalan ka Bandung
Bandung gé Bandung baheula
Ari rét ka tebeh kidul
Gunung Malabar ngadingding
Nya munjung ulah ka gunung
Muja ulah ka sagara
Nya munjung kudu ka indung
Muja mah kudu ka bapa
Gunung mah sok rajeun urug
Sagara sok rajeun saat
Indung mah tunggul rahayu
Bapa mah tangkal darajat


Lagu Pangapungan
Sumping ngepung ka manggung
Ngapak méga ngawang-ngawang
Burubul saulun baju
Barabat sawidak deupa
Rup ku padung rap ku lemah (anggeus radén)
Kadingdingan indung peuting
Katuruban mega bodas
Juragan tatalegongan (geuning)
Sumbawit kadidadali
Sumbawut kadi bincarung
Nanding ciung moro gunung
Nanding jogjog moro mondok
Kadanca pegat laratan (geuning)
Moro  pangrumrumannana
Nanding jogjog moro mondok
Kadanca pegat laratan (geuning)
Moro  panonobannana